Selasa, 09 Desember 2014

Drama Basa Sunda "Penculikan"



Drama basa Sunda

PENCULIKAN
Khalis Sofi                                           sebagai             Penculik 1
Maryam Riani                                      sebagai             Ratna
Nita Shintya Nur Ridwan                    sebagai             Ibu Siti
Novi Laelasari                                     sebagai             Penculik 2
Uswatun Hasanah                                sebagai             Polisi
Yulia Faridah                                       sebagai             Mbok Mirah

Penculik 1     : Assalamu’alaikum... Bisa ngomong sareng bu Siti ?
Mbok Mirah : Wa’alaikumussalam.. Punten nya, ieu teh saha ?
Penculik        : Ieu sareng penculik nu paling geulis sakebon boled.
Mbok Mirah :Haha sakebon capeu meureunan, dasar penculik lucu. Hah penculik ??? (pingsan)
                     (Teu lila bu Siti datang, ningali Mbok Mirah nu keur ngagoler di tehel.)
Bu siti              :Mbok kunanon sare tidieu atuh, geura hudang (bari ngoyag-ngoyagkeun awakna Mbok Mirah) Mbok geura hudang, itu hayam teu acan diandangkeun di pawon.
                     (Telepon Nyora)
Penculik II    : Assalamu alaikum Bu Siti ?
Bu siti              : Waalaikumussalam.. muhun ieu sareng bu Siti, Ieu saha nya ?
                     (Teu aya jawaban ti seberang, lantaran Penculik II teu wanieun ngobrol sareng bu Siti, kalahan menta tukeran ka Penculik I, samentara Bu Siti heraneun lantaran teu aya nu ngomong.)
Penculik II    : Teh, ieu Bu Siti nu ngangkat, abdi grogi, sok mangga ku teteh bae (nyerenkeun hp ka penculik I)
Penculik I     : Deuh ari maneh kumaha, kamari teh apan  tos pelantikan jadi penculik  2 poe 3 peuting.
Penculik II    :Deuh, nya entos atuh, doakeun nya teh. Bismillahirrahmanirrahim. Punten Bu, maap lami.
Bu Siti           : ohh nya teu nananon, pajahkeun salah sambung, jadi rek dipareuman ku ibu teh. Ari ieu saha nya ?
Penculik II    : Ieu sareng Euis penculik anyar.
Bu Siti           : Penculik ? kunaon maneh jadi penculik ? aya perlu naon nelpon Ibu ?
Penculik II    : Punten Ibu, abdi teh neangan pangalaman.
Bu Siti           : Penculik mani lemes kitu ngomongna
Penculik I     : (ngarebut hape nu dicekel ku penculik II) Ahh, maneh mah lila, dieu ku urang wae ! Bu, urang duaan teh tos nyulik si Ratna anak Ibu, urang menta tebusan 2,5 juta.
Bu Siti           : Ratna ?? diculikk ??? Ya Allah Gusti..
Penculik I     : bu, ibu ulah laporkeun ka polisi, lamun bawa polisi  anak ibu teu aman.
Bu Siti           : Nya entos atuh, dimana kitu tempatna ?
Penculik I     : di pondok Japati No.3
Bu Siti           : Dimana eta teh ?
Penculik I     : Di perumahan kumuh satukangeunna hawangan Cirurut.
Bu Siti           : Nya entos atuh, jam 2 sore bae nya ? nya supaya Ibuna tenang , da jam sakitu teh pagawean tos angges kabeh.
Penculik I     : Nya geus ditunggu pokonamahlah ! Assalamu alaikum.
Bu Siti           : Waalaikumussalam.
                     (Pas kitu Mbok Mirah ujug-ujug hudang, sampe ngagetkeun Bu Siti.)
Mbok Mirah : Ya Allah bu, 2,5 juta mah loba atuh, gaji abdi sapuluh bulaneun.
Bu Siti           : Hiihhh ari Mbok pingsan ta nguping ? geuning bisa terang ?
Mbok Mirah :Hehe dua-duana bu.
Bu Siti           : Hih dasar maneh teh, belegug (nyiwit leungeun Mbok Mirah)
Mbok Mirah : aduh ari si ibu teh nyeri atuh (bari ngadorong Bu Siti)
Bu Siti           :heh maneh mah mani nguntap kitu.
Mbok Mirah :Maaf atuh bu, eh ngomong-ngomong lumayan atuh bu 2,5 juta mah, laporkeun bae ka polisi.
Bu Siti           : (nelepon polisi) Halo Polisi
Polisi             : Ihh ari si Ibu, Assalamu alaikum heula atuh !
Bu Siti           : Aduh maaf kitu mani khilaf saking ku panikna, diulang deui atuh. Assalamu alaikum.
Polisi             : Waalaikumussalam, aya naon bu ? aya masalah ? masalah naon ? sok ageh atuh sok cerita.
Bu Siti           : Anak abdi si Ratna diculik, baturan abdi nya jam 2 ka Pondok Japati ?
Polisi             : sakedap, abdi ningal jadwalnya heula. Duh jam 2 mah abdi aya reonian batur SD.
Bu Siti           : Geuna atuh bu, ngke ku abdi teraktir Mie ayam baso 2 porsi.
Polisi             : siap atuh bu, assalamu alaikum.
Bu Siti           : Waalaikumussalam.
                     (Jam 2 sore di pondok Japati.)
Penculik 1     : Tah eta datang akhirna mah, mana atosna ?
Bu Siti           : pasihkeun tuh mbok.
Mbok Mirah : tah eta atosna (sabari mere keresek)
Bu Siti           : Mana atuh si Ratna ?
Penculik II    : Ieu si Ratnana Ibu (mamawa si Ratna nu beungetna ditutup keresek)
Mbok Mirah : Haha keresek di bales keresek (ngagelekgek)
Bu Siti           : Ya Allah mani ditutup ku kresek kitu
Ratna            : Enya, teu ngamodal penculik teh, mana keresekna bau sate kieu
Penculik II    : Atuh da nimu di jalanna nu ieu sih neng
Ratna            : Disangka sate teh nang meser, ari kitu urut sate jama, Masya Allah..
                     Polisi datang..
Polisi             : Angkat tangan ! ulah gerak, cicing !!
                     (Dua penculik jeung si Ratna angkat tangan)
Polisi             : Ratna, kunaon angkat tangan ?
Ratna            : Solidaritas bu Polwan ! reuseup ongkoh abdi mah.
Polisi             : Naek kumidi sugan reuseup teh neng
Ratna            : Nya kumaha abdi bae atuh, masalah sugan !
Bu Siti           : Sssttt.. ah mani garandeng wae, kadieukeun si Ratna !
Penculik II    : Tah Ibu mangga dileueut (nyodorken Ratna)
Bu Siti           : Nginum meuereun dileuet mah (ngabuka keresek di hulu Ratna). Aduhh ari ieu saha ?
Ratna            : Ieu Ratna, Ibu.. Ya Allah..
Bu Siti           : Moal teuing ah ! si Ratna meni goreng kieu..
Penculik II    :Muhun bu, soalna tadi tos disumputkeun na tempat obong bata.
Bu Siti           :Nya pantes bae atuh tamah.
Penculik I     : Nya tarima wae atuh da sarua goreng siga indungna.
Bu Siti           : Ngece maneh mah ! tah lah si Ratnana jang maneh wae !
Ratna            : Jih ari Ibu kumaha, tega pisan.
Bu Siti           : kusabab maneh teh goreng Ratna sok jeung penculik bae kaditu ! Penculik eta sok si Ratna kanggo kenang-kenangan.
Penculik 1     : Mbung lah, abdi mah mending duit na keresek ieu daripada si Ratna mah.
Polisi             : Caricing atuh sadayana ! maraneh tiluan ditangkep !
Ratna            : Saha deui hijina ?
Polisi             : Tah bu Siti hijina
Bu Siti           : Kunaonn geuning abdi ditangkep ?
Polisi             : Kusabab bu Siti teu narima anakna goreng, teu hayang ngaku si Ratna teh anakna
Ratna            : Nya bener bu Polwan, tangkep bae si Ibu, bosen gaduh ibu goreng siga kitu !
Bu Siti           : Waduh durhaka maneh Ratna !
Ratna            : Ibu nu durhaka ka Ratna !
Polisi             : Sarua durhakana maneh indung anak teh, geus ditangkep wae sadayana milu ka kantor polisi !
                     (Akhirna 2 penculik, bu Siti, jeung Ratna dibawa ka kantor polisi kabeh)


“Pesan : Kudu narima nikmat nu dipasihan ku Gusti Allah, goreng geulis teh ciptaanna Allah..”

~Nita~

0 komentar:

Posting Komentar