Drama
basa Sunda
PENCULIKAN
Khalis Sofi sebagai Penculik 1
Maryam Riani sebagai Ratna
Nita Shintya Nur Ridwan sebagai Ibu Siti
Novi Laelasari sebagai Penculik
2
Uswatun Hasanah sebagai Polisi
Yulia Faridah sebagai Mbok Mirah
Penculik 1 : Assalamu’alaikum... Bisa ngomong sareng
bu Siti ?
Mbok Mirah : Wa’alaikumussalam.. Punten nya, ieu teh saha
?
Penculik : Ieu sareng penculik nu paling geulis
sakebon boled.
Mbok Mirah :Haha sakebon capeu meureunan, dasar penculik
lucu. Hah penculik ??? (pingsan)
(Teu lila bu Siti datang, ningali Mbok Mirah nu
keur ngagoler di tehel.)
Bu siti :Mbok kunanon sare tidieu atuh,
geura hudang (bari ngoyag-ngoyagkeun awakna Mbok Mirah) Mbok geura hudang, itu
hayam teu acan diandangkeun di pawon.
(Telepon Nyora)
Penculik II : Assalamu alaikum Bu Siti ?
Bu siti : Waalaikumussalam.. muhun ieu
sareng bu Siti, Ieu saha nya ?
(Teu aya jawaban ti seberang, lantaran Penculik
II teu wanieun ngobrol sareng bu Siti, kalahan menta tukeran ka Penculik I,
samentara Bu Siti heraneun lantaran teu aya nu ngomong.)
Penculik II : Teh, ieu Bu Siti nu ngangkat, abdi grogi,
sok mangga ku teteh bae (nyerenkeun hp ka penculik I)
Penculik I : Deuh ari maneh kumaha, kamari teh
apan tos pelantikan jadi penculik 2 poe 3 peuting.
Penculik II :Deuh, nya entos atuh, doakeun nya teh.
Bismillahirrahmanirrahim. Punten Bu, maap lami.
Bu Siti : ohh nya teu nananon, pajahkeun
salah sambung, jadi rek dipareuman ku ibu teh. Ari ieu saha nya ?
Penculik II : Ieu sareng Euis penculik anyar.
Bu Siti : Penculik ? kunaon maneh jadi
penculik ? aya perlu naon nelpon Ibu ?
Penculik II : Punten Ibu, abdi teh neangan pangalaman.
Bu Siti : Penculik mani lemes kitu ngomongna
Penculik I : (ngarebut hape nu dicekel ku penculik II)
Ahh, maneh mah lila, dieu ku urang wae ! Bu, urang duaan teh tos nyulik si
Ratna anak Ibu, urang menta tebusan 2,5 juta.
Bu Siti : Ratna ?? diculikk ??? Ya Allah
Gusti..
Penculik I : bu, ibu ulah laporkeun ka polisi, lamun
bawa polisi anak ibu teu aman.
Bu Siti : Nya entos atuh, dimana kitu
tempatna ?
Penculik I : di pondok Japati No.3
Bu Siti : Dimana eta teh ?
Penculik I : Di perumahan kumuh satukangeunna hawangan
Cirurut.
Bu Siti : Nya entos atuh, jam 2 sore bae nya
? nya supaya Ibuna tenang , da jam sakitu teh pagawean tos angges kabeh.
Penculik I : Nya geus ditunggu pokonamahlah ! Assalamu
alaikum.
Bu Siti : Waalaikumussalam.
(Pas kitu Mbok Mirah ujug-ujug hudang, sampe
ngagetkeun Bu Siti.)
Mbok Mirah : Ya Allah bu, 2,5 juta mah loba atuh, gaji
abdi sapuluh bulaneun.
Bu Siti : Hiihhh ari Mbok pingsan ta nguping
? geuning bisa terang ?
Mbok Mirah :Hehe dua-duana bu.
Bu Siti : Hih dasar maneh teh, belegug
(nyiwit leungeun Mbok Mirah)
Mbok Mirah : aduh ari si ibu teh nyeri atuh (bari
ngadorong Bu Siti)
Bu Siti :heh maneh mah mani nguntap kitu.
Mbok Mirah :Maaf atuh bu, eh ngomong-ngomong lumayan atuh
bu 2,5 juta mah, laporkeun bae ka polisi.
Bu Siti : (nelepon polisi) Halo Polisi
Polisi : Ihh ari si Ibu, Assalamu alaikum
heula atuh !
Bu Siti : Aduh maaf kitu mani khilaf saking
ku panikna, diulang deui atuh. Assalamu alaikum.
Polisi : Waalaikumussalam, aya naon bu ?
aya masalah ? masalah naon ? sok ageh atuh sok cerita.
Bu Siti : Anak abdi si Ratna diculik, baturan
abdi nya jam 2 ka Pondok Japati ?
Polisi : sakedap, abdi ningal jadwalnya
heula. Duh jam 2 mah abdi aya reonian batur SD.
Bu Siti : Geuna atuh bu, ngke ku abdi
teraktir Mie ayam baso 2 porsi.
Polisi : siap atuh bu, assalamu alaikum.
Bu Siti : Waalaikumussalam.
(Jam 2 sore di pondok Japati.)
Penculik 1 : Tah eta datang akhirna mah, mana atosna ?
Bu Siti : pasihkeun tuh mbok.
Mbok Mirah : tah eta atosna (sabari mere keresek)
Bu Siti : Mana atuh si Ratna ?
Penculik II : Ieu si Ratnana Ibu (mamawa si Ratna nu
beungetna ditutup keresek)
Mbok Mirah : Haha keresek di bales keresek (ngagelekgek)
Bu Siti : Ya Allah mani ditutup ku kresek
kitu
Ratna : Enya, teu ngamodal penculik teh, mana keresekna bau
sate kieu
Penculik II : Atuh da nimu di jalanna nu ieu sih neng
Ratna : Disangka sate teh nang meser, ari kitu urut sate jama,
Masya Allah..
Polisi datang..
Polisi : Angkat tangan ! ulah gerak,
cicing !!
(Dua penculik jeung si Ratna angkat tangan)
Polisi : Ratna, kunaon angkat tangan ?
Ratna : Solidaritas bu Polwan ! reuseup ongkoh abdi mah.
Polisi : Naek kumidi sugan reuseup teh
neng
Ratna : Nya kumaha abdi bae atuh, masalah sugan !
Bu Siti : Sssttt.. ah mani garandeng wae,
kadieukeun si Ratna !
Penculik II : Tah Ibu mangga dileueut (nyodorken Ratna)
Bu Siti : Nginum meuereun dileuet mah
(ngabuka keresek di hulu Ratna). Aduhh ari ieu saha ?
Ratna : Ieu Ratna, Ibu.. Ya Allah..
Bu Siti : Moal teuing ah ! si Ratna meni
goreng kieu..
Penculik II :Muhun bu, soalna tadi tos disumputkeun na
tempat obong bata.
Bu Siti :Nya pantes bae atuh tamah.
Penculik I : Nya tarima wae atuh da sarua goreng siga
indungna.
Bu Siti : Ngece maneh mah ! tah lah si
Ratnana jang maneh wae !
Ratna : Jih ari Ibu kumaha, tega pisan.
Bu Siti : kusabab maneh teh goreng Ratna sok
jeung penculik bae kaditu ! Penculik eta sok si Ratna kanggo kenang-kenangan.
Penculik 1 : Mbung lah, abdi mah mending duit na
keresek ieu daripada si Ratna mah.
Polisi : Caricing atuh sadayana ! maraneh
tiluan ditangkep !
Ratna : Saha deui hijina ?
Polisi : Tah bu Siti hijina
Bu Siti : Kunaonn geuning abdi ditangkep ?
Polisi : Kusabab bu Siti teu narima anakna
goreng, teu hayang ngaku si Ratna teh anakna
Ratna : Nya bener bu Polwan, tangkep bae si Ibu, bosen gaduh
ibu goreng siga kitu !
Bu Siti : Waduh durhaka maneh Ratna !
Ratna : Ibu nu durhaka ka Ratna !
Polisi : Sarua durhakana maneh indung anak
teh, geus ditangkep wae sadayana milu ka kantor polisi !
(Akhirna 2 penculik, bu Siti, jeung Ratna dibawa
ka kantor polisi kabeh)
“Pesan
: Kudu narima nikmat nu dipasihan ku Gusti Allah, goreng geulis teh ciptaanna
Allah..”
~Nita~